ieu blog di wangun pikeun ngamumule seni budaya, sagala nu aya di ieu blog nyatana bukti-bukti yen urang nu mikacinta kana budaya jeung seni. SAHA DEUI NU REK NGAMUMULE BUDAYA LINTANG TI URANG SORANGAN.
Wednesday, May 20, 2015
Wednesday, February 11, 2015
Bral Jungjunan
peuting teh asa ku simpe..
ngan harigu nu eungap kalimpudan rasa..
ngarep-ngarepkelipna bentang nu rasa beuki anggang..
marudah mawa rasa jiga cangcaya..
jungjunan..
naha kamana ilangna rasa
simpena hate ngalembrehkeun cimata
beudah ngamalirkeun katugenah
gening bet kieu jadina
jungjunan...
peuting ieu anjeun nyampaykeun rasa saperti anu biasa
ngaleng rasa dina carita birahi
ngagambar tresna dina hegakna asmara
dina simpena peuting ayeuna
aya gupay kamelang
aya rasa nu sumarambah dina bayah
di papag ku rasa kamelang
pagaliwota jeung rasa kasono
teu kalis ku geus panggih
kasono angger minuhan raga
gumulung jeung rasa hariwang
sok sieun anjeun nogencang
jungjunan..
naha ieu kamelang teu ilang-ilang ngahyang
tapi sok sanajan rasa deudeuh lengkep tetep pageuh
moal rek ngahalang mun anejun nogencang milih satria pinilih nu lian
sabab ari tresna hamo di halangan
bral jungjunan
keung engkang mah dek nyeungceurikan ku nasib diri
kadeudeuh engkang moal laas ku jaman
sanajan urang paanggang
duh jung junan..
I Love You Very Much

Sajak Romance
Bral JungJunan
peuting teh asa ku simpe..
ngan harigu nu eungap kalimpudan rasa
ngarep-ngarep kelipna bentang mu asa beuki amggamg
marudah mawa rasa jiga cangcaya
jungjunan...
naha kamana ilangna rasa
simpena hate ngalembrehkeun cimata
beudah ngamalirkeun katugenah
gening bet kieu jadina
jungjunan...
peuting ieu anjeun nyampaikeun rasa saperti nu biasa
ngaleng rasa dina carita bihari
ngagambar tresna dina hegakna asmara
dina
Wednesday, January 28, 2015
Carpon Sunda
Telpon Iseng
telpon ngirining di kantor pulisi....
"halo, ieu sareng kantor pulisi?" ceuk uhi. "ya bener, aya nu bisa di bantu?" tembal pulisi.
"abdi bade lapor pak, tatangga abi bandar narkoba, teras abdi ngintip, narkobana di sumputkeun dina suluh!" ceuk uhi ngayakinkeun. "nuhun infona pak" tembal pulisi bari gura giru nyiapkeun lamatna.
teu talangke, pulisi muru ka imah bandar narkoba anu tadi di laporkeun tea, pasukan di kerahkeun pikeun neangan narkobanu di sumputkeundina suluh di gudang. ragaji jeung kampak di pake meulahan suluh neangan barangbukti narkoba. Tapi weleh eweh hiji-hiji acan. sanggeus yakin narkoba eweh, pasukan pulisi menta hampura kanu boga imah yen geus di ganggu ngarojag, tuluy pulisi indit ninggalkeun tempat.
saangges pulisi yakin eweh, uhi nelepon ka jajang anu tadi imahna dirojag pulisi "jang tadi pulisi daratang?" "heeh" tembal jajang. "kumaha suluhna? geus di beulahaan?" tanya uhi "enggeus beres kabeh, nuhun euy uing teu kudu meulahan suluh kieu mah" sambung jajang "heeh siap atuh, ayeuna giliran maneh nelepon ka pulisi.. bejakeun aya pembunuhan kituh, tuluy mayitna di ruang di kebon kuring, pan maneh nyaho kuring dek melak sampeu" ceuk uhi bari ngabelengeh.
Ibing Maktal
Ibingan Maktal
Wayang makt5al nyaeta wayang anu biasa di pake pikeun ngamimitian pagelaran wayang, lamun wayang nu rek kaluar mimiti wayang raja, pandita, buta gede, dewa, biasana sok dimimitian heula ku igel wayang maktal pikeun mapag wayang raja, pandita, buta gede, dewa.
Wednesday, January 21, 2015
CARPON SUNDA
UKUR LAMUNAN
huleng jentul salila-lia bari nyinghareupan leptop... leng pikiran ngacacang...
"Fasya..!!" pokna kanyaah hate kuring haroshos bari mancokeun pameunteuna..
"abi ngaraos tengtrem aya di sagigireun fasya, hariwang pinuh keeurng mun jauh ti fasya" pokna deui.
emh geulis... mun mah waktu bisa dicangcang, panon poe jeung bulan cenah reureuh, kuring miharep bentang tetep maturan ka lalakon cinta urang duaan..
"fasya, dina hate abi ngancik rasa cinta nu moal bisa di sisihan najan ku naon wae oge" napas manehna ngahegak dina pipi, pangambungna antel kana pipi, leungeunna meulit kana beuheung pageuh..
gebeg teh kuring ngarenjag ngorejat..
"jang..jang..!!! eling siah!! ngalamun teh kamalinaan!!" ceuk indung kuring bari awak di gebig-gebig...

BUSANA GATOTKACA
busanane gatot kaca, jamal mas susun tiga susumping mas rineka...
hulur-hulur nganggem deras rama aja jamang susun tiga..
gulung cupit hincal prahasta uncal kancana..
alas-alasan kancing garuda mungkur..
simawe raksukan kre anta kusumah...
pengawasanepu, ora nana braja hingkang tumama..
simawe sinjang wasunona..
suasane wanci tengah hujan boten keujanan wonten panas boten datan kepanasan..
simawe tarumpah crama...
pengawasanepun bisa mabur tnpa helar..
cangcut taliwanda, cangcut arane wonga cingcin kayu bedakan melesat dateng gegana tuminak dateng ngarsa..

Wednesday, January 14, 2015
Sajak Sunda romane
harita mangsa balebat datang
basa langit cangra meulitkeun kaleon
aya renghap anu anteng nganteurkeun geter katineung
antara anjogna aya imut anu kasawang saban mangsa
ngudag halimun kahirupan
lir balibis anu ngaragaji angin, nungtun paudag-udag
kariaan dina beungeut nu bulao
kasmaran di tengah sagara
kagambar tapak duriat
basa lengkah ninggalkeun tapak
teu kasawang na beungeut kaca aya gupay kalangkang
sumoreang di saweran ku hujan katresna
ngarambut na kaca jandela
basa kamari mangsa lingsir burit
mega beureum anteng ngarambat
ngakal jeroeun halimun
"Duh jungjunan. cimata saha anu ngaharewoskeun na tungtung kalbu"
kuring masih anteng ngitung bentang
kiwari...
kahariwang tinggal hariring
galengan kareueus ngembat harepan
katugenah ukur danding
simpena hate ngahariring lagu kaheman
dina tungtung carita duaan urang nitenan kembang
ngitung lengkah, waktu balebat
urang pungkas lalakon ku silih maheutkeun janji pahat

Subscribe to:
Posts (Atom)