Wednesday, January 21, 2015

                                                            CARPON SUNDA
                                                         

                                                           UKUR LAMUNAN

huleng jentul salila-lia bari nyinghareupan leptop... leng pikiran ngacacang...
"Fasya..!!" pokna kanyaah hate kuring haroshos bari mancokeun pameunteuna..
"abi ngaraos tengtrem aya di sagigireun fasya, hariwang pinuh keeurng mun jauh ti fasya" pokna deui.
 emh geulis...  mun mah waktu bisa dicangcang, panon poe jeung bulan cenah reureuh, kuring miharep bentang tetep maturan ka lalakon cinta urang duaan..
"fasya, dina hate abi ngancik rasa cinta nu moal bisa di sisihan najan ku naon wae oge" napas manehna ngahegak dina pipi, pangambungna antel kana pipi, leungeunna meulit kana beuheung pageuh..
gebeg teh kuring ngarenjag ngorejat..
 "jang..jang..!!! eling siah!! ngalamun teh kamalinaan!!" ceuk indung kuring bari awak di gebig-gebig...

No comments:

Post a Comment