Wednesday, January 14, 2015

Sajak Sunda romane

harita mangsa balebat datang
basa langit cangra meulitkeun kaleon
aya renghap anu anteng nganteurkeun geter katineung
antara anjogna aya imut anu kasawang saban mangsa
ngudag halimun kahirupan
lir balibis anu ngaragaji angin, nungtun paudag-udag
kariaan dina beungeut nu bulao
kasmaran di tengah sagara
kagambar tapak duriat
basa lengkah ninggalkeun tapak
teu kasawang na beungeut kaca aya gupay kalangkang
sumoreang di saweran ku hujan katresna
ngarambut na kaca jandela
basa kamari mangsa lingsir burit
mega beureum anteng ngarambat
ngakal jeroeun halimun
 "Duh jungjunan. cimata saha anu ngaharewoskeun na tungtung kalbu"
kuring masih anteng ngitung bentang
kiwari...
kahariwang tinggal hariring
galengan kareueus ngembat harepan
katugenah ukur danding
simpena hate ngahariring lagu kaheman
dina tungtung carita duaan urang nitenan kembang
ngitung lengkah, waktu balebat
urang pungkas lalakon ku silih maheutkeun janji pahat

No comments:

Post a Comment