peuting teh asa ku simpe..
ngan harigu nu eungap kalimpudan rasa..
ngarep-ngarepkelipna bentang nu rasa beuki anggang..
marudah mawa rasa jiga cangcaya..
jungjunan..
naha kamana ilangna rasa
simpena hate ngalembrehkeun cimata
beudah ngamalirkeun katugenah
gening bet kieu jadina
jungjunan...
peuting ieu anjeun nyampaykeun rasa saperti anu biasa
ngaleng rasa dina carita birahi
ngagambar tresna dina hegakna asmara
dina simpena peuting ayeuna
aya gupay kamelang
aya rasa nu sumarambah dina bayah
di papag ku rasa kamelang
pagaliwota jeung rasa kasono
teu kalis ku geus panggih
kasono angger minuhan raga
gumulung jeung rasa hariwang
sok sieun anjeun nogencang
jungjunan..
naha ieu kamelang teu ilang-ilang ngahyang
tapi sok sanajan rasa deudeuh lengkep tetep pageuh
moal rek ngahalang mun anejun nogencang milih satria pinilih nu lian
sabab ari tresna hamo di halangan
bral jungjunan
keung engkang mah dek nyeungceurikan ku nasib diri
kadeudeuh engkang moal laas ku jaman
sanajan urang paanggang
duh jung junan..
I Love You Very Much
No comments:
Post a Comment