Telpon Iseng
telpon ngirining di kantor pulisi....
"halo, ieu sareng kantor pulisi?" ceuk uhi. "ya bener, aya nu bisa di bantu?" tembal pulisi.
"abdi bade lapor pak, tatangga abi bandar narkoba, teras abdi ngintip, narkobana di sumputkeun dina suluh!" ceuk uhi ngayakinkeun. "nuhun infona pak" tembal pulisi bari gura giru nyiapkeun lamatna.
teu talangke, pulisi muru ka imah bandar narkoba anu tadi di laporkeun tea, pasukan di kerahkeun pikeun neangan narkobanu di sumputkeundina suluh di gudang. ragaji jeung kampak di pake meulahan suluh neangan barangbukti narkoba. Tapi weleh eweh hiji-hiji acan. sanggeus yakin narkoba eweh, pasukan pulisi menta hampura kanu boga imah yen geus di ganggu ngarojag, tuluy pulisi indit ninggalkeun tempat.
saangges pulisi yakin eweh, uhi nelepon ka jajang anu tadi imahna dirojag pulisi "jang tadi pulisi daratang?" "heeh" tembal jajang. "kumaha suluhna? geus di beulahaan?" tanya uhi "enggeus beres kabeh, nuhun euy uing teu kudu meulahan suluh kieu mah" sambung jajang "heeh siap atuh, ayeuna giliran maneh nelepon ka pulisi.. bejakeun aya pembunuhan kituh, tuluy mayitna di ruang di kebon kuring, pan maneh nyaho kuring dek melak sampeu" ceuk uhi bari ngabelengeh.